Dina kawit ieu unggal perusahaan di mana wae pasti uninga kana hartosna kecap "inspeksi". Inspeksi teh undak unduk basa na dicandak tina kecap bahasa inggeris " inspect" nu gaduh hartos " mariksa atawa nyidik-nyidik hiji barang". Kecap inspeksi teh kaasup kecap predikat, nu biasana subyekna jelema jeung obyekna barang tea. Jadi contoh kalimah nu make kecap "inspeksi" teh misalna : Si Dedih keur nga-inspkesi pipa 16 inchi di unit 84", nu hartina si Dedih (subyek) keur mariksa hiji barang (pipa 16 inchi) di unit 84 (katerangan tempat).
Naon guna na inspeksi teh? Salah sahiji guna na inspeksi nyaeta urang engke na bisa leuwih wanoh kana kondisi eta barang nu dipariksa. Contona, pas diinspeksi teh misalna kapanggih di pipa 16 inchi aya cai nu bocor ngarembes. Panjang nu bocorna diukur aya 2 mili meter. Saeunggeus diukur laju korosina terus ngabandingkeun jeung umur sesana si pipa, engke kanyahoan misalna sababna eta bocor teh kunaon jeung naon wae anu kudu dilaksanakeun supaya eta pipa jadi henteu bocor deui. Hasil akhir tina inspkesi teh nyaeta sagala masalah nu kapanggih atawa kaprediksi dina inspeksi bisa ditanggulangi.
Coba bayangkeun mun pas harita pipa na bocor, teu kanyahoan ti samemehna, meureun engke bocorna tambah panjang terus bisa wae pipana jebol. Bayangkeun lamun eusina eta pipa lain cai, tapi gas atawa minyak nu gampang kaduruk, bahaya pisan pan ka lingkungan nu aya di sawatara eta pipa. Bisa-bisa jadi nimbulkeun kahuruan nu ngarusak lingkungan atawa bisa wae nimbulkeun korban jiwa mun kena ka jelema.
Biasana di tiap-tiap perusahaan-perusahaan, geus dijarieun program inspeksi nu ngajadual. Bisa sabulan sakali, tilu bulan sakali, genep bulan sakali, bisa oge sataun sakali. Nu jadi dadasar tenggang waktu na tiap inspeksi nyaeta dicokot tina history record (riwayat karusakan) atawa rekomendasi ti pamasok barang. Tah nu kieu nu dingaranan "Inspeksi Periodik".
Aya oge program inspeksi nu henteu ngajadwal. Biasana mun aya barang nu rusak di luar prediksi samemehna, kakarek dilaksanakeun inspeksi deui nu diluar jadual inspeksi periodik. Inspeksi nu kieu dingaranan "Inspeksi Non-Periodik".
Aya oge emang hiji barang nu teu perlu diinspeksi sakali-kali acan. Biasana barang nu kieu teu pati penting teuing fungsina jeung barang na rea di pasaran. Jadi mun rusak oge teu ngaganggu proses sakabehan, jeung gampil ngagantina bari murah.
Metode nu mutahir ngeunaan inspeksi nyaeta inspeksi ngadasar kana resiko. Naon hartina? Dina inspeski model kieu, sakabehan alat-alat nu aya di perusahaan geus dikelompok-kelompokeun kana resiko-resiko nu diprediksi bakal muncul. Misal aya alat nu abus kana kelompok resiko badag (high risk), resiko sedeng (medium risk) atawa resiko nu keutik (low risk). Tah, inspeksi model kieu ngan ukur mariksa alat-alat nu resikona gede. Dina pangalaman nu dibukukeun ku perusahaan DNV (Det Norske Veritas), ngan ukur 10% tina sakabeh alat nu boga resiko nu gede teh. Nu lian na mah abus kana resiko menengah atawa leutik. Conto mun aya 100 alat, urang paling ngainspeksi cukup kur 10 alat nu resiko na gede, sesana mah dijamin teu kudu diinspeksi. Canggih pan? Puguh we mun aya rekomendasi kieu, perusahaan bakalan leuwih untung kusabab biaya inspeksi nu teu perlu teu kudu kaluar.
Dina danget ieu metode inspeksi dadasar kana resiko (Risk Based Inspection disingket RBI) teh ngiblatna kana standard API 581. Metode ieu cocok pisan kanggo ngolah program inspeksi parusahaan di widang onshore, offshore atanapi khusus kanggo pipeline.